Rajah
Galunggung
Balumbung Agung rahayu
Ruminjing
manjing walagri
Balumbung Agung
rahayu
Ruminjing
manjing walagri ...
Bray caang bray
narawangan
Wangi diri
sanubari
Gorejag sarengkang-ringkang
Rancagé haté awaking...
Ngembatkeun
jalan laratan katampian geusan mandi
Ka leuwi
sipatahunan leuwi nu ngaruncang diri-diri anu sakiwari
Rék muruh
lulurung tujuh ngaliwat kapajajar bongan hayang pulang anting
Padungdengan-padungdengan
jeung usikna pangancikan
Hung Ahung...
Turun ti gunung
gumuruh kahujanan,,, Kuma ati ....
Nyamoyan di
pamoyanan papanggih jeung urang dawih
Anu keur mener
ngarajah madep ka Dayeuh ka Wangi
Hung Ahung...
Amit ampun nun paralun ka gusti nu maha suci
Neda pangjiat pangraksa para abdi-abdi seni
Seja ngaguak ngaramatan titis waris nini aki
Ngembatkeun jalan laratan katampian geusan mandi
Ka leuwi sipatahunan leuwi nu ngaruncang diri-diri anu sakiwari
Rék muruh lulurung tujuh ngaliwat kapajajaran bongan hayang pulang anting
Padungdengan-padungdengan jeung usikna pangancikan
puun sapuun…
Sampuuurasun keur muhun kahiang prabu siliwangi
Ngumur padi pajajaran pangaumban seueur silih
Nu keular di tatar sunda nu ka nyebarkeun wawangi
Carita Ciung Wanara
Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu
harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu
kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur
kakandungan.
Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun.
Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti
harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep.
Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka
saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna
diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka
walungan Citanduy.
Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi
Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran
dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum
dibawa ku Léngsér , tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung
anu jauh ti dayeuh Galuh.
Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon
tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini
Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh.
Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép.
Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger
Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can
dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo
manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab
ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui
ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun
kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wabara. Aki
jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah
pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang,
nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini
Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago
téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih
Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu
hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih
éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara
ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka
karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké
tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna
lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris
dijenengkeun raja tur diaku anak.
Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung
Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani,
dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti
Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru,
hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.
Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah,
beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah.
Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.
Ku Kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui
jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.
Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku
Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun
dina panjara beusi.
Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus
dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina.
Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun
ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun
Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang
Banga.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar